Ngadu bako, Silaturahim, persiapan vèrtèk
Ieu wengi (31/08/2018), para penghuni grup WA penggarap gunung burangrang wilayah pangkuan Desa Pusakamulya ngumpul ngariung bongkok ngadu bako. Seja' silaturahim pa amprok jonghok patepang wajah. Bosen ngawangkong di na WA waè. Sakali-kali mah kopi darat, mèh leuwih keuna diskusi na. Mèh aya keputusan ti na oborolan na.
Di bumi Pa Saepudin, alias Kadus Toha. Sakumaha parantos janjian di na grup WA, ngaèpèktipkeun waktos, pertemuan diagèndakeun tabuh 8 dugi tabuh salapan wengi. Sa jam ogè nu penting keuna silaturahim na, ka bahas permasalahan na, kawidian ku salèrèa nu hadir kaputusan na. Hadè pisan pa kadus toha, tah nyampakeun kopi jeung liwet na. Tohaga!!!
Alhamdulillah, sakumaha aya na ieu desa pusakamulya kabagi ka na opat dusun. Nya ti Dusun Pasirmuncang na aya, nyaèta Bah Sapri sanaos diwakilan ku putera na nyaèta Pa Isur tèa. Ti Dusun Cikubang na aya, Kang Irpan diantawis na. Ti Dusun Legokbarong aya, Kang Zaènx salah sawios na. Komo tuan rumah mah tangtos nyampak parantos anèprak, sigap pangheula na haladir na ogè.
Gancang na carita, ngalor ngidul ngawangkong sagala rupa dibahas. Kenal mah da tos pada-pada wawuh ti samèmeh na. Ngan ieu mah kudu silih wanoh tèh saha dulur urang anu sasama ngagarap tèh. Bisi hiji waktu hayang ka gunung, bingung teu ludeung euweuh batur, meureun urang puguh kudu ngajak saha, poko na ari geus panggih kieu mah genah. Ulah dugi ka rèk naèk ka gunung, teu apal kudu ngajak saha. Nomor telepon ogè silih tukeuran, amèh babari mun aya naon waè kaperluan.
Kapedar tadi di na obrolan ceuk kang engkos yèn tos aya calon invèstor, ti Purwakarta. Anu sayogi artos kirang langkung 100 jutaan mah. Ngajak kerjasama usaha kopi, anjeun na siap nyayogikeun peralatan sakumplit na. Sistem na bagi hasil. Rada kedah di follow-up tah, margi ulah dugi ka urang panèn kopi, pasar can aya nu siap nampung na. Bahaya na bakal seuseut golang na ieu usaha kopi di tanah garapan.
Pa Ketua Umum LMDH Giri Pusaka, nyaèta Pa Adi Paryono teu tiasa hadir. Margi nuju aya kaperyogian di Purwakarta. Kitu deui Kordus Cikubang (Koordinator Dusun), Nèng Wulan ogè nuju di Cirebon. Teras Kordus Pasirmuncang, Pa RW Dede ogè teu hadir margi nuju persiapan kegiatan super penting di lembur na.
Nya meureun anu kaitan na jeung garapan mah, kirang langkung na kieu kaputusan anu nembè disepakati tèh:
Kirimkeun data na nyaèta:
![]() |
Alhamdulillah, sakumaha aya na ieu desa pusakamulya kabagi ka na opat dusun. Nya ti Dusun Pasirmuncang na aya, nyaèta Bah Sapri sanaos diwakilan ku putera na nyaèta Pa Isur tèa. Ti Dusun Cikubang na aya, Kang Irpan diantawis na. Ti Dusun Legokbarong aya, Kang Zaènx salah sawios na. Komo tuan rumah mah tangtos nyampak parantos anèprak, sigap pangheula na haladir na ogè.
![]() |
Kapedar tadi di na obrolan ceuk kang engkos yèn tos aya calon invèstor, ti Purwakarta. Anu sayogi artos kirang langkung 100 jutaan mah. Ngajak kerjasama usaha kopi, anjeun na siap nyayogikeun peralatan sakumplit na. Sistem na bagi hasil. Rada kedah di follow-up tah, margi ulah dugi ka urang panèn kopi, pasar can aya nu siap nampung na. Bahaya na bakal seuseut golang na ieu usaha kopi di tanah garapan.
Pa Ketua Umum LMDH Giri Pusaka, nyaèta Pa Adi Paryono teu tiasa hadir. Margi nuju aya kaperyogian di Purwakarta. Kitu deui Kordus Cikubang (Koordinator Dusun), Nèng Wulan ogè nuju di Cirebon. Teras Kordus Pasirmuncang, Pa RW Dede ogè teu hadir margi nuju persiapan kegiatan super penting di lembur na.
Nya meureun anu kaitan na jeung garapan mah, kirang langkung na kieu kaputusan anu nembè disepakati tèh:
- Patani nu boga garapan sarta tos lebet pangajengan NKK, kedah siap-siap verifikasi teknis (vertek).
- Nu badè nyusul, ngajengkeun NKK wayah na ngeusi formulir teras gewat kempelkeun deui atanapi data anu diperyogikeun na di SMS atanapi WA ka nomor 081 909 370 109. Amèh ènggal diinput, janten pas vèrtèk tèh kantun daftar, inputan na kantun di èdit sakedik-sakedik, di print, ditanda tangan. Teras tiasa kacandak harita kènèh ku Tim Vèrtèk. Supados teu rèncèd teuing, kedah nyanggakeun kakirangan persyaratan ka Bandung misal na. Nya rugel wèh, karunya patani nu tos ngajengkeun ti payun heug ka hambat kènging SK Garapan na (NKK).
- Tim vèrtèk tèh 3 pihak, nyaèta Kemenhut (KLHK), Pokja sareng Perhutani. Malah pa ADM KPH Perhutani ogè sok sumping cenah. Janten urang para penggarap kedah kompak hadir, bari nyandak KTP jeung KK asli. Kedah apal lokasi garpan na pètak sabaraha sareng blok mana-mana na.
- Lokasi disepakati di bumi kang Zaènx, pertimbangan na anjeun na sami-sami patani garapan, teras aya printer sareng aya fasilitas sanès na.
- Kanggo konsumsi, ngaliwet bilih na kedah, tergantung sikon. Kang Zaenx siap nyayogikeun.
- Nu tadi hadir sepakat ogè, pami vèrtèk tos aya kabar siap silih wartosan antara para patani. Siap kompak, maènya di Subang, 400 urang tiasa kompak hadir, heug wèh di urang teu bisa kompak. Isin atuh!!!
- Pèta blok pètak hutan pangkuan desa cenah aya di pa KRPH, kumargi kang zaènx nambut teu dipasih waè. Ayeuna bade dicobi diusahakeun ku Pa Sekjen.
Kirimkeun data na nyaèta:
- Nama Lengkap (sesuai KTP/KK)
- Nomor KTP/NIK
- Nomor KK
- Tempat, Tanggal Lahir
- Nomor telepon
- Alamat lengkap
- Blok garapan
- Nomor petak
- Komoditas anu ditanam
- Luas lahan garapan (......Ha)
- Lama menggarap (.....tahun)
- Kirim SMS/WA na ka 081909370109

